SeratManah


Satadina lamun teu ngalaman hate anu karasa ayeuna mingkin taya bakal nu ngingeutan sabarahaha lila urang geus babareungan hirup duaan.
Rasa mokaha awal  tina rarasaan bakal sagala gampang, geus nincak maju deuk dalapan taun teu karasa.
Bisa jadi egois dina diri hese leungit, sabab rarasaan mah eta keur kabehan. Kakarak sadar salila dalapan taun teh geuning can nanaon.
Baheula asa cikeneh nekat ngawani wani anjeun ngajak hirup bareng najan teu boga bekel anu pasti. Kabeh eta dibarengan rasa bogoh jeung pinuh ku percaya diri. Baheula eweuh nu apal naon nu ngadorong urang ngajak hirup babareungan. Teu saetik jelema anu nyangsikeun. kuring yakin, tong boro batur najan jinis na anu diajak hirup bareung oge pasti teu apal.
Kabeh eta dimimitian ku dorongan hate, yen anu bakal ngarobah hirup urang taya lain iwal anjeun.
Harita dina mangsa kondisi pinuh ku katunggaraan, pinuh ku kekecewaan. Aya sorot panon anu matak mawa semanget.
Aya hiji nu teu pernah ka alaman memehna.
Malah, ngadadak poho kana rasa tagiwur anu meulit dina hate.
Gagal sakola, lain teu mampu otak, eureun sakola lain teu mampu mayar, tapi eta mangrupakeun keputusan sikap terbesar dina hirup kuring. Urang kajeun teu balik deui ka sydney najan bari teu angeus sakola,tibatan kudu ngalaman deui nyeuri hate.
Cacak lamun harita teu panggih jeung anjeun, pasti terjerat deui kana kagagalan  selanjutna.
Rada lila memang ngayakinkeun pihak pihak anu berkepentingan dina hirup urang.
Tapi alhamdulillah, bisa jeung ngabukti.
Dua taun kuliah urang katinggaleun ku lobana gangguan. ti saprak balik ka bandung teu lila panggih jeung anjeun, najan harita nyokot keputusan anu indung sorangan teu panuju sabab kuliah tinggal saetik deui, keur urang eta keputusan terbesar dina hirup.
Da lamun balik deui oge can tangtu bakal angeus kuliah, malah malah bisa paeh ku narkoba jiga mas wahyu. salila ieu anu diimah apalna urang teh playboy. Ngan barudak smp  hungkul anu apal yen urg salila na can pernah boga kabogoh. boga kelemahan yen urang teu boga kawani nyampaikeun rasa bgoh ka awewe. Anu bener bener pernah nyampai keun sorangan nyeta di sydney. pedah dibarengan ku mabok. tah eta nyoreang alam katukang. pangalaman pait, anu sok muter muter wae dina ingetan urang.
Kamari jeung poe ieu sangeus lila teu kudu "berjaga jaga" bakal kaleungitan nu dipakabogoh, ngadak ngadak hayang nempoan eusi f/b pamajikan, taya rasa curiga ngan kabeh diawalan ku "iseng".
Eweuh nu matak nimbulkeun bener bener   timburu hiji oge (aya hiji dua ketang), ngan sajeroning maca maca eusi f/b rus ras geuning urang teh loba ninggalkeun pamajikan. jarang mawa ulin, jarang boga waktu duaan....
naha urang jadi egois????? naha eta gara gara yen urang boga kayakinan boga pamajikan anu satia?????????? moal mindeng nyapirakeun urang bakal ditinggalkeun???
ku gara gara eta urang jadi kasieunan, salila tujuh taun loba ngantep. komo beureun ayeuna ayeuna mah.
Beuki dieu beuki loba kasieun, ras kana cita cita anu panjang keneh. duh bakal leuwih saetik keur ngabagi waktu. sok inggis kaleungitan..........
Ulah pirang pirang ngahampuranya, komo ninggalkeun mah.
Kade geulis, ieu lain timburu. ieu kasieun jeung rumasa can bisa nyeunangkeun anjeun.
loba pisan kasalahan salila tujuh taun teh. jalma mah sok poho kana purwadaksi, satadina mah asa wajar.

Nu teu apal bisi salah faham, memang aya sbabaraha anu bisa nimbulkeun timburu, ngan masih dina level wajar.
Tapi rasa bersalah anu teu bisa ditutup tutup, mindeung teuing ngacuhkeun nu jadi pamajikan. hampura nya.
Cita cita mah bisa diganti, nu Cinta moal aya gantina
Selengkapnya...

SeratManah




(Ciciren Hirup Jelema)


Sayang Heulang mere Piwulang
teu matak Meulang tur mere Daluang
Lawang keur Mulang tara Kahalang
teu leet teu Kesang najan loba nu Nangtang




sayang Kaak loba manuk Koreak
loba Ketak geus jadi Watak
Matak parab bati Sakeak
Koceak dengek nembongkeun sifat Harak






(awal Desember, Kisunda Ngalalana)
Selengkapnya...